BIANTARA
Judul biantara : Tarekah Ngeunaan
Seni Tradisi
Assalamu’alaikum
Warahmatullahi Wabarakatuh
Alhamdulillah
Wassukru ala niamilah. Wassolatu Wassalam ala Rosulillah. Wa Ala Alihi Wa Sohbihi
Wa maw walah amma ba’du
L
|
angkung
tipayun mangga urang panjatkeun puja sinareng puji ka dzat Illahi Robbi , anu
parantos nakdirkeun urang sadaya . Alhamdulillah dina danget ieu
simkuring tiasa ngiring aub janten patandang dina ieu pasanggiri biantara
Tarekah Ngeunaan Seni Tradisi . Maksadna teu aya sanes mung hoyong diajar
nyarios dina basa sunda. Dina ieu waktos simkuring bade nyobi medar perkawis
“Tarekah Ngeunaan Seni Tradisi” . Mugi aya mangfaatna kanggo ngahirup-huripkeun
deui ieu seni tradisi anu ayeuna katinggalna meh pareum.
Hirup jeung mekarna kasenian , salawasna luyu jeung
kabutuh masyarakatna , tangtu wae dina kamekaranana oge baris kapangaruhan ku
kaayaan lingkungan jeung paneka jaman . Lamun urang nyoreang ka tukang , fungsi
kasenian dina jaman bihari raket patalina jeung upacara adat. Ari kiwari geus
robah jadi pintonan pikeun hiburan. Robahna teh lain dina fungsina wungkul,
tapi deuih dina prak-prakan magelarkeunnana .
Hadirin nu ku simkuring di
hormat
Salaku urang sunda geus jadi kawajiban urang pikeun
miara seni tradisi sunda , ulah nepi ka seni tradisi urang teh diaku ku bangsa
lain . Kumargi kitu , hayu urang wangun Jawa Barat teh jadi propinsi anu luhur
ajen seni tradisina .
Hadirin anu mulya
Rupina heunteu panjang anu kapisanggem , harepan urang
mugia naon anu di pedarku simkuring sing aya manfaatna .
Wabillahi
Taufik Wal Hidayah
Wassalamu’alaikum
Warahmatullahi Wabarakatuh
SURAT
Ø Surat Dines
PAMARENTAH KOTA
BANDUNG
DINAS PENDIDIKAN
DINAS PENDIDIKAN
SMP Negeri 1
Pasir Muncang
Jalan Raya Pasir Muncang No . 32 Telepon ( 022 ) 7914976
Jalan Raya Pasir Muncang No . 32 Telepon ( 022 ) 7914976
Bandung , 25 November 2011
Nomor : 13/12/SMP/2011
Lampiran : -
Perihal : Uleman rapat
Kahatur
Orang tua / Wali siswa
di
Tempat
Assalamualaikum Wr.Wb.
Perihal : Uleman rapat
Kahatur
Orang tua / Wali siswa
di
Tempat
Assalamualaikum Wr.Wb.
Puji sinareng sukur kasanggakeun ka Gusti Nu Maha
Suci. Dina harepan urang sadaya dina kaayaan sehat wal’afiat.Amin.
Salajengna dina rangka persiapan Ujian Sakola
Berstandar Nasional(UASBN)
siswa-siswi kelas IX SMP Negeri 1 Pasir Muncang 2011 / 2012 .
Aya hal - hal anu penting ,
kukituna sim kuring salaku Komite Sakola , ngundang Bapa miwah Ibu supados sumping dina
acara rapat nu bade dilaksanakeun :
Dinten/Kaping :
25 November 2011
Tabuh :
09:00 dugi ka rengse
Tempat : Aula SMP Negeri 1 Pasir Muncang
Kumargi pentingna acara ieu , diharepkeun
kahadirannana . Hatur nuhun kana perhatosannana
Wassalamualaikum.Wr.Wb
Kapala sakola
Dra.
Indarsah,M.M.pd
NIP.
198885023
Ø Surat
Pribadi
Bandung , 25 November 2011
Kahatur
Ua Lilis
di
Bogor
Ua Lilis
di
Bogor
Assalamu’alaikum Wr . Wb
Ua , kumaha damang ? Mugi – mugi dina danget ieu Ua sakulawargi
daramang . Sawangsulna , Ani oge dina danget ieu mah sehat .
Nu mawi Ani nyerat teh sono ka Ua . Maksadna mah kesasih payun upami
pere sakola Ani hoyong ameng ka Bogor . Insyaallah bade ngabring sareng apa
sareng mamah . Etang – etang piknik .
Engke di Bogor saurna bade ameng ka Taman Safari sareng ka Kebon Raya .
Ua rupina sakitu kapihatur
hapunten bilih aya basa anu kirang mernah .
Wassalam
Ani Aryani
Tembang / Kawih
Malati di Gunung Guntur
Malati di Gunung
Guntur
seungitna sungkeman ati
bodas sésétraning asa
jadina tina mumunggang leuweung larangan.
Malati di Gunung Guntur
hanjakal henteu dipetik
béja geus aya nu boga
ngahaja melak di dinya tara guriang.
Ayeuna kurang geus jauh
malati sosoca gunung
boa geus aya nu metik duka kusaha.
Kamari jol aya beja
malati ratna mumunggang
majar can aya nu metik duka kunaon.
Malati di Gunung Guntur
ligar dina panineungan, na panineungan
na saha nu baris metik
kuring mah da puguh jauh
biheung kadongkang.
seungitna sungkeman ati
bodas sésétraning asa
jadina tina mumunggang leuweung larangan.
Malati di Gunung Guntur
hanjakal henteu dipetik
béja geus aya nu boga
ngahaja melak di dinya tara guriang.
Ayeuna kurang geus jauh
malati sosoca gunung
boa geus aya nu metik duka kusaha.
Kamari jol aya beja
malati ratna mumunggang
majar can aya nu metik duka kunaon.
Malati di Gunung Guntur
ligar dina panineungan, na panineungan
na saha nu baris metik
kuring mah da puguh jauh
biheung kadongkang.
SISINDIRAN
Ø Rarakitan
a.
Mèmèh ngagelarkeun kasur,
Samak heula ambeh rinèh.
Mèmèh ngagorèngkeun batur,
Riksa heula awak manèh.
Samak heula ambeh rinèh.
Mèmèh ngagorèngkeun batur,
Riksa heula awak manèh.
b.
Aya
listrik di masigit
Caangna ka pabrik Kina
Aya istri jangkung alit
Endahna kabina-bina
Caangna ka pabrik Kina
Aya istri jangkung alit
Endahna kabina-bina
c.
Baju
hideung kancing tangan
Dikaput ku mérang awi
Nu hideung matak teu nangan
Sing émut ka diri abdi
Dikaput ku mérang awi
Nu hideung matak teu nangan
Sing émut ka diri abdi
d.
Baju
soéh tatambalan
Kaput gedé jarumatna
Daék sotéh ngawulaan
Lamun hadé rumawatna
Kaput gedé jarumatna
Daék sotéh ngawulaan
Lamun hadé rumawatna
e.
Baju
tablo dibulao
Kembangna katuncar mawur
Ari bogoh ti baréto
Terang-terang geus ku batur
Kembangna katuncar mawur
Ari bogoh ti baréto
Terang-terang geus ku batur
Ø Paparikan
a.
Sing getol nginum jajamu,
Nu guna nguatkeun urat.
Seng getol neangan ilmu,
Nu guna dunya akhèrat.
Nu guna nguatkeun urat.
Seng getol neangan ilmu,
Nu guna dunya akhèrat.
b.
Batur mah ka Margacinta,
Kuring mah ka Nagrak baè.
Batur mah dipikacinta,
Kuring mah ditolak baè.
Kuring mah ka Nagrak baè.
Batur mah dipikacinta,
Kuring mah ditolak baè.
c.
kaduhung
kuring ka Lémbang
ka Lémbang ka Cibiana
kaduhung kuring kagémbang
kagémbang kieu rasana
ka Lémbang ka Cibiana
kaduhung kuring kagémbang
kagémbang kieu rasana
d.
sapanjang
jalan Soréang
moal weléh diaspalan
sapanjang tacan kasorang
moal weléh diakalan
moal weléh diaspalan
sapanjang tacan kasorang
moal weléh diakalan
e.
meuli
wajit jeung jawadah
kapaké hajat kiparat
masing rajin nya ibadah
kapaké dunya akhérat
kapaké hajat kiparat
masing rajin nya ibadah
kapaké dunya akhérat
Ø Wawangsalan
a.
Belut sisit saba darat,
Kapiraray siang wengi.
Kapiraray siang wengi.
b.
Cucuk basa Malayuna
duriat henteu laksana
duriat henteu laksana
c.
Beulit cinggir simpay réma
ulah lali ka sim abdi
ulah lali ka sim abdi
d.
Monyét hideung sisi leuweung
susah nu taya tungtungna
susah nu taya tungtungna
e.
Péso pangot ninggang lontar
acan katuliskeun diri
acan katuliskeun diri
f.
Piunjuk duméh rék wangsul
sanés abdi rék cilimit
sanés abdi rék cilimit
g.
Asal hiji jadi dua
temah matak sesah ati
temah matak sesah ati
h.
Baku sok ngalebu badag
reueus keur sareng jeung istri
reueus keur sareng jeung istri
i.
Cau gedé ngan sasikat
taya teuing bagja diri cau
taya teuing bagja diri cau
j. Désémber tangtu ditéma
geulisna lir widadari
geulisna lir widadari
Mujikalisasi / Puisi
Bakal Pisah
Ayeuna abdi didieu ..
Sasareungan sareng
anjen ..
Seuseurian
babareungan ..
Di sakola ieu ..
Abdi henteu bisa
nyaram ..
Abdi teu bisa
ngahalangan ..
Lamun geus datang
waktuna ..
Urang bakal papisah
..
Engke mah moal bisa
..
Babarengan deui, di
sakolaan ieu ..
Pisah ngahontar
cita.cita ..
Keur pikahareupeun nu
gumbira..
Karangan Eksposisi
Ø Manfaat
tutuwuhan pikeun kasehatan
D
|
aun sirih teh asli ti Indonesia , biasana daun sirih teh didaharna make
cara dikunyah . Lamun ngunyah daun sirih teh sok dikaitkeun sareng panyakit
kangker mulut sareng pembentukan squamous cell carcinoma
anu sifatna malignan.
Batang sirih teh warnana coklat kahejoan ,
bentukna buleud . Bentuk daunna jiga jantung sareng ngaluarkeun bau lamun
diremes .Panjangna sakitar 5 – 8 cm lamun lebarna 2 – 5 cm . Dibungana aya daun
anu ngalindungan ±
1 mm bentukna buleud panjang . Akarna tunggang , buleud sareng warnana coklat
kakonengan .
` Minyak atsiri dina daun sirih
ngandung minyak terbang ((betIephenol), seskuiterpen, pati, diatase, gula sareng
zat samak nu bisa ngabunuh kuman , antioksidasi sareng fungisida. Khasiat dina
daun sirih nyaeta bisa ngaleungitkeun bau badan anu ditimbulkeun tina bakteri .
Daun sirih oge tiasa nahan pendarahan , nyembuhkeun gangguan saluran pencernaan
. Daun sirih oge bisa ngaluarkeun dahak , luruhkeun ludah , hemostatik sareng
nahan pendarahan . Biasana sirih teh obat kangge mimisan , dipake 2 lembar daun
, diwasuh heula terus digulung abuskeun kairung . Daun sirih ngandung bahan
aktif fenol sareng kavikol nu bisa dimanfaatkeun jadi pestisida nabati keur
hama .
Daun sirih bisa
nyembuhkeun panyakit : batuk , sariawan , bronchitis , jerawat , kaputihan ,
nyeri huntu , DBD , bau baham , haid , asma , jsb .
Ø
Cara nyieun kadaharan
Judul : Cara nyieun comro
C
|
omro atawa combro nyaéta
kadaharan has ti Jawa Barat . Comro
dijieun tina parudan sampeu anu dibentuk buleud atawa lonjong anu bagian
jerona dieusian sambel oncom nu saterusna digoréng, mangkana kadaharan
ieu dingaranan comro anu mangrupa singketan tina oncom di jero. Kadaharan ieu leiwih ngeunah lamun didahar waktu haneut kénéh.
Lamun rek
nyieun comro , kudu disiapkeun heula bahan – bahanna . Bahan – bahan kanggo
nyieun comro teh nyaeta : 500 gram hui/sampe
anu tos dikupas sareng diparud , 2 sendok teh uyah . Bahan nyieun eusi comro : 200 gram oncom anu tos halus
, 1 saledri , 3 sendok minyak keur numis . Bahan kanggo bumbuna : 4 cabe rawit
, 2 cabe berem , 4 bawang berem , 2 bawang bodas , uyah sareng gula .
Cara
nyieun isi comro , cabe sareng bawang kedah ditumis heula . Teras asupkeun
oncok , asuk , bere 100 ml cai . Masak sampe ka cai teh beak . Asupkeun saledri
sampe kalayu , angkat , tiriskeun . Campur hiu anu tos diparud sareng uyah .
Ambil 1 – 2 sendok adonan , bijieun baruleud terus ditipkeun , bere 1 / 2
sendok makan adonan ditengahna , tutup bentuk jadi buleud . Goreng make seneu
sedeng sampe ka warna kacoklatan , tiriskeun .
Judul artikel : Panyakit
TBC ( tuberkolosis )
M
|
imitina tina batuk anu leuwih ti tilu poe . Bisa
oge batuk anu ngaluarkeun darah . Bakal ngarasakeun demam . Panyakit TBC
mangrupa salah sahiji panyakit anu bisa niwaskeun kusabab obat nu didahar teu
bisa ngalawankuman nu dijero , lamun teu diinum eta obat sacara taratur .
Ieu panyakit disebabkeun ku bakteri mycobac terium tuberculosis
anu bisa nular lewat percikan ludah .
Lamun aya anggota keluarga anu ngalaman
kawas kitu , urang kudu buru – buru mariksakeun kadokter . Kusabab panyakit
batuk sering dianggap sapele . Padahal eta panyakit tiasa newaskeun mun teu
buru – buru dibawa kadokter jeung bisa nularkeun kanu sejena .